Sampurasun

steemit.com

Medal tina “sampurna ning ingsun” nu hartosna “sampurnakeun diri anjeun”. Nyampurnakeun dina sajeroning ningali, ngadenge, ngarenghap, ngucap, antukna museur kabersihan manahna. Dina manah anu bersih bakal tumiba sifat kanyaah ka sasama ngawujud silih asah, silih asih, silih asuh, silih wangian, silih seungitan (siliwangi). Waspada permana tinggal, ceuli kajaga ku runguna, panon kajaga ku awasna, irung kajaga ku angseuna, letah kajaga ku ucapna, notos ka manah anu kajaga ku ikhlasna. Waspada permana tinggal manunggal kana deudeuhan, welasan, asihan, nulung kanu butuh, nalang kanu susah, nganteur kanu sieun, nyaangan kanu poekeun. sareundeuk saigel, sabobot sapihanean, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak. 



Sariring-riring dumadi, sarengkak saparipolah
Hirup ukur sasampeuran, awak ukur sasampayan
Sadaya kersaning Gusti anu kagungan

Posting Komentar

0 Komentar